Sajak teh sala sahiji karya sastra sunda dina wangun ….. a. lancaran b. drama c. prosa d. ugeran

Sajak teh sala sahiji karya sastra sunda dina wangun ….. a. lancaran b. drama c. prosa d. ugeran

jawaban

Sajak teh nyaeta salahsahiji karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Karya sastra dina wangun lancaran sarua jeung prosa. Umpama ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sajak kaasupna kana puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna, salian ti sajak, anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti guguritan, sisindiran, mantra jeung kawih. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.

Sajak nyaeta karya sastra dina wangun puisi atawa ugeran anu henteu pati kauger atawa kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan, guguritan jeung sisindiran. Wawacan jeung guguritan kaiket ku aturan anu aya dina pupuh. Sedengkeun sisindiran kaiket ku aturan anu aya dina sisindiran. Aturan anu aya dina pupuh jeung sisindiran sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta aturan anu aya patalina jeung lobana engang dina sapadalisan puisi, sarta anu aya patalina jeung lobana padalisan dina sapada puisi. Sedengkeun guru lagu nyaeta aturan anu aya patalina jeung sora tungtung engang dina unggal padalisan.

Sanajan sajak henteu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu, dina cara nyieun sajak aya sawatara katangtuan anu bisa dijadikeun padoman sangkan sajak anu dijieun alus tur endah, sanajan eta katangtuan teh henteu ngiket pageuh saperti guru wilangan jeung guru lagu anu aya dina pupuh atawa sisindiran. Katangtuan anu dimaksud nyaeta perluna merhatikeun unsur-unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngandung wirahma, murwakanti jeung gaya basa.